elfapega
- 02/09/2010 01:28 PM
#1
Bismillah
Hampunten sateuacanna ka baraya sadaya...
ᮠᮙ᮪ᮕᮥᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪ ᮞᮒᮩᮃᮎᮔ᮪ᮔ ᮊ ᮘᮛᮚ ᮞᮓᮚ
Alhamdulillah, gening dina kaskus regional bandung teh seueur keneh anu merhatoskeun kana basa atanapi budaya sunda. Abdi reueus pisan ningalna, aya nu ngaguar kamus kecap dina basa sunda, aya oge nu ngaguar babasan, aya oge nu umajak pikeun ngamumule basa sunda, nyakitu deui nu gogonjakan atanapi heureuy.
ᮃᮜ᮪ᮠᮙ᮪ᮓᮥᮜᮤᮜᮣᮂ, ᮌᮨᮔᮤᮀ ᮓᮤᮔ ᮊᮞ᮪ᮊᮥᮞ᮪ ᮛᮨᮌᮤᮇᮔᮜ᮪ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ ᮒᮨᮂ ᮞᮩᮉᮁ ᮊᮨᮔᮨᮂ ᮃᮔᮥ ᮙᮨᮁᮠᮒᮧᮞ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮔ ᮘᮞ ᮃᮒᮔᮕᮤ ᮘᮥᮓᮚ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ. ᮃᮘ᮪ᮓᮤ ᮛᮩᮉᮞ᮪ ᮕᮤᮞᮔ᮪ ᮔᮤᮍᮜ᮪ᮔ, ᮃᮚ ᮔᮥ ᮍᮌᮥᮃᮁ ᮊᮙᮥᮞ᮪ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮓᮤᮔ ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ, ᮃᮚ ᮇᮌᮨ ᮔᮥ ᮍᮌᮥᮃᮁ ᮘᮘᮞᮔ᮪, ᮃᮚ ᮇᮌᮨ ᮔᮥ ᮅᮙᮏᮊ᮪ ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮍᮙᮥᮙᮥᮜᮨ ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ, ᮑᮊᮤᮒᮥ ᮓᮩᮄ ᮔᮥ ᮌᮧᮌᮧᮔ᮪ᮏᮊᮔ᮪ ᮃᮒᮔᮕᮤ ᮠᮩᮛᮩᮚ᮪
Kajurung ku kacintaan sim kuring kana basa sunda sareng etang-etang ngiring ngamumule basa karuhun, ditambih ku rasa honcewang tur sedih kacida nempo kaayaan ayeuna di sabudeureun urang anu tos langka ngadangu kecap sareng paripolah nu matak tumaninah kana manah.
ᮊᮏᮥᮛᮥᮀ ᮊᮥ ᮊᮎᮤᮔ᮪ᮒᮃᮔ᮪ ᮞᮤᮙ᮪ ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮊᮔ ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮞᮛᮨᮀ ᮈᮒᮀ-ᮈᮒᮀ ᮍᮤᮛᮤᮀ ᮍᮙᮥᮙᮥᮜᮨ ᮘᮞ ᮊᮛᮥᮠᮥᮔ᮪, ᮓᮤᮒᮙ᮪ᮘᮤᮂ ᮊᮥ ᮛᮞ ᮠᮧᮔ᮪ᮎᮨᮝᮀ ᮒᮥᮁ ᮞᮨᮓᮤᮂ ᮊᮎᮤᮓ ᮔᮨᮙ᮪ᮕᮧ ᮊᮃᮚᮃᮔ᮪ ᮃᮚᮩᮔ ᮓᮤ ᮞᮘᮥᮓᮩᮛᮩᮔ᮪ ᮅᮛᮀ ᮃᮔᮥ ᮒᮧᮞ᮪ ᮜᮀᮊ ᮍᮓᮍᮥ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮞᮛᮨᮀ ᮕᮛᮤᮕᮧᮜᮂ ᮔᮥ ᮙᮒᮊ᮪ ᮒᮥᮙᮔᮤᮔᮂ ᮊᮔ ᮙᮔᮂ
Contona (ieu oge di sabudeureun rorompok), budak leutik (balita) teh langka nu diajarkeun ngomong cara urang sunda tapi seuseueurna mah indonesia-an we da meh tereh pok na teh, ngan ngajarkeuna eta sawareh-sawareh teu kabeh (sawareh sunda sawareh indonesia) pan jadi teu puguh, panginten dulur ge sering ngadangu :
ᮎᮧᮔ᮪ᮒᮧᮔ (ᮄᮉ ᮇᮌᮨ ᮓᮤ ᮞᮘᮥᮓᮩᮛᮩᮔ᮪ ᮛᮧᮛᮧᮙ᮪ᮕᮧᮊ᮪), ᮘᮥᮓᮊ᮪ ᮜᮩᮒᮤᮊ᮪ (ᮘᮜᮤᮒ) ᮒᮨᮂ ᮜᮀᮊ ᮔᮥ ᮓᮤᮃᮏᮁᮊᮩᮔ᮪ ᮍᮧᮙᮧᮀ ᮎᮛ ᮅᮛᮀ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮒᮕᮤ ᮞᮩᮞᮩᮉᮁᮔ ᮙᮂ ᮄᮔ᮪ᮓᮧᮔᮨᮞᮤᮃ-ᮃᮔ᮪ ᮝᮨ ᮓ ᮙᮨᮂ ᮒᮨᮛᮨᮂ ᮕᮧᮊ᮪ ᮔ ᮒᮨᮂ, ᮍᮔ᮪ ᮍᮏᮁᮊᮩᮔ ᮈᮒ ᮞᮝᮛᮨᮂ-ᮞᮝᮛᮨᮂ ᮒᮩ ᮊᮘᮨᮂ (ᮞᮝᮛᮨᮂ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮞᮝᮛᮨᮂ ᮄᮔ᮪ᮓᮧᮔᮨᮞᮤᮃ) ᮕᮔ᮪ ᮏᮓᮤ ᮒᮩ ᮕᮥᮌᮥᮂ, ᮕᮍᮤᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪ ᮓᮥᮜᮥᮁ ᮌᮨ ᮞᮨᮛᮤᮀ ᮍᮓᮍᮥ :
[*]Diem jangan nangis aja, gandeng tau...!!!
[*]ᮓᮤᮈᮙ᮪ ᮏᮍᮔ᮪ ᮔᮍᮤᮞ᮪ ᮃᮏ, ᮌᮔ᮪ᮓᮨᮀ ᮒᮅ...!!!
[*]Eh ari kamu, saya cari-cari dari tadi ari gok dihareupeun...!!!
[*]ᮈᮂ ᮃᮛᮤ ᮊᮙᮥ, ᮞᮚ ᮎᮛᮤ-ᮎᮛᮤ ᮓᮛᮤ ᮒᮓᮤ ᮃᮛᮤ ᮌᮧᮊ᮪ ᮓᮤᮠᮛᮩᮕᮩᮔ᮪...!!!
[*]Baru tau kan ??? yee samaruknya saya teh ngabobodo...
[*]ᮘᮛᮥ ᮒᮅ ᮊᮔ᮪ ??? ᮚᮨᮈ ᮞᮙᮛᮥᮊ᮪ᮑ ᮞᮚ ᮒᮨᮂ ᮍᮘᮧᮘᮧᮓᮧ...
Aya oge nu nyarios sunda, mung kadanguna kieu :
[*]Ee anjing, timana wae ari sia kehed !
[*]ᮈᮈ ᮃᮔ᮪ᮏᮤᮀ, ᮒᮤᮙᮔ ᮝᮈ ᮃᮛᮤ ᮞᮤᮃ ᮊᮨᮠᮨᮓ᮪ !
[*]Goblog pisan jelema teh, piraku ku ain kudu diteureuy mah !
[*]ᮌᮧᮘᮣᮧᮌ᮪ ᮕᮤᮞᮔ᮪ ᮏᮨᮜᮨᮙ ᮒᮨᮂ, ᮕᮤᮛᮊᮥ ᮊᮥ ᮃᮄᮔ᮪ ᮊᮥᮓᮥ ᮓᮤᮒᮩᮛᮩᮚ᮪ ᮙᮂ !
[*]Aseep, pang nyokotkeun peso di dapur kehed !
[*]ᮃᮞᮨᮈᮕ᮪, ᮕᮀ ᮑᮧᮊᮧᮒ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮕᮨᮞᮧ ᮓᮤ ᮓᮕᮥᮁ ᮊᮨᮠᮨᮓ᮪ !
Upami dina paripolah :
ᮅᮕᮙᮤ ᮓᮤᮔ ᮕᮛᮤᮕᮧᮜᮂ :
[*]Seueur budak nu calutak ka kolotna
[*]ᮞᮩᮉᮁ ᮘᮥᮓᮊ᮪ ᮔᮥ ᮎᮜᮥᮒᮊ᮪ ᮊ ᮊᮧᮜᮧᮒ᮪ᮔ
[*]Seueur kolot nyontoan teu hade ka budakna
[*]ᮞᮩᮉᮁ ᮊᮧᮜᮧᮒ᮪ ᮑᮧᮔ᮪ᮒᮧᮃᮔ᮪ ᮒᮩ ᮠᮓᮨ ᮊ ᮘᮥᮓᮊ᮪ᮔ
[*]Babasaan kolot jeung budak tos teu matut
[*]ᮘᮘᮞᮃᮔ᮪ ᮊᮧᮜᮧᮒ᮪ ᮏᮩᮀ ᮘᮥᮓᮊ᮪ ᮒᮧᮞ᮪ ᮒᮩ ᮙᮒᮥᮒ᮪
[*]Sareng sajabana
[*]ᮞᮛᮨᮀ ᮞᮏᮘᮔ
Tah, dina basa sunda aya nu disebat undak-usuk, nyaeta nerapkeun basa dina tingkatan nu luyu jeung kaayaan urang ayeuna (keur ngomong atawa keur make bahasa). Lamun urang geus biasa make undak-usuk basa nu bener (basa / lisan anu diatur) Insya Alloh saeutik lobana bakal nepa kana peripolah urang oge (anu di atur ku budaya/etika dugi ku agama).
ᮒᮂ, ᮓᮤᮔ ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮃᮚ ᮔᮥ ᮓᮤᮞᮨᮘᮒ᮪ ᮅᮔ᮪ᮓᮊ᮪-ᮅᮞᮥᮊ᮪, ᮑᮈᮒ ᮔᮨᮛᮕ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮘᮞ ᮓᮤᮔ ᮒᮤᮀᮊᮒᮔ᮪ ᮔᮥ ᮜᮥᮚᮥ ᮏᮩᮀ ᮊᮃᮚᮃᮔ᮪ ᮅᮛᮀ ᮃᮚᮩᮔ (ᮊᮩᮁ ᮍᮧᮙᮧᮀ ᮃᮒᮝ ᮊᮩᮁ ᮙᮊᮨ ᮘᮠᮞ). ᮜᮙᮥᮔ᮪ ᮅᮛᮀ ᮌᮩᮞ᮪ ᮘᮤᮃᮞ ᮙᮊᮨ ᮅᮔ᮪ᮓᮊ᮪-ᮅᮞᮥᮊ᮪ ᮘᮞ ᮔᮥ ᮘᮨᮔᮨᮁ (ᮘᮞ / ᮜᮤᮞᮔ᮪ ᮃᮔᮥ ᮓᮤᮃᮒᮥᮁ) ᮄᮔ᮪ᮯ ᮃᮜᮣᮧᮂ ᮞᮉᮒᮤᮊ᮪ ᮜᮧᮘᮔ ᮘᮊᮜ᮪ ᮔᮨᮕ ᮊᮔ ᮕᮨᮛᮤᮕᮧᮜᮂ ᮅᮛᮀ ᮇᮌᮨ (ᮃᮔᮥ ᮓᮤ ᮃᮒᮥᮁ ᮊᮥ ᮘᮥᮓᮚ/ᮈᮒᮤᮊ ᮓᮥᮌᮤ ᮊᮥ ᮃᮌᮙ)
Kusabab eta sim kuring umajak ka dulur-dulur hayu urang ramekeun deui basa jeung budaya karuhun urang teh, malah mandar jadi kahadean keur urang jeung turunan urang sadaya.
ᮊᮥᮞᮘᮘ᮪ ᮈᮒ ᮞᮤᮙ᮪ ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮅᮙᮏᮊ᮪ ᮊ ᮓᮥᮜᮥᮁ-ᮓᮥᮜᮥᮁ ᮠᮚᮥ ᮅᮛᮀ ᮛᮙᮨᮊᮩᮔ᮪ ᮓᮩᮄ ᮘᮞ ᮏᮩᮀ ᮘᮥᮓᮚ ᮊᮛᮥᮠᮥᮔ᮪ ᮅᮛᮀ ᮒᮨᮂ, ᮙᮜᮂ ᮙᮔ᮪ᮓᮁ ᮏᮓᮤ ᮊᮠᮓᮨᮃᮔ᮪ ᮊᮩᮁ ᮅᮛᮀ ᮏᮩᮀ ᮒᮥᮛᮥᮔᮔ᮪ ᮅᮛᮀ ᮞᮓᮚ
Kanggo munggaran sim kuring bade sakedik nyontoan :
ᮊᮀᮌᮧ ᮙᮥᮀᮌᮛᮔ᮪ ᮞᮤᮙ᮪ ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮘᮓᮨ ᮞᮊᮨᮓᮤᮊ᮪ ᮑᮧᮔ᮪ᮒᮧᮃᮔ᮪ :
Basa Loma_______Basa Lemes_______Basa Lemes
________________(keur sorangan)__(keur batur)
Dahar___________Neda_____________Tuang
Balik/Mulang____Wangsul__________Mulih
Indit/miang_____Mios_____________Angkat
Nyaho___________Terang___________Uninga
Sare____________Mondok___________Kulem
Amit/amitan_____Permios__________Permios
Cageur__________Pangesto_________Damang
Kanggo nu langkung lengkep mangga di uningaan di palih dieu
ᮊᮀᮌᮧ ᮔᮥ ᮜᮀᮊᮥᮀ ᮜᮨᮀᮊᮨᮕ᮪ ᮙᮀᮌ ᮓᮤ ᮅᮔᮤᮍᮃᮔ᮪ ᮓᮤ ᮕᮜᮤᮂ ᮓᮤᮉ
[*]http://manuskripkesunyian.wordpress.com/2008/06/30/undak-usuk-basa-sunda/
[*]http://wsab.blogspot.com/2005/08/ngeunaan-basa-sunda.html
[*]http://file.upi.edu/ai.php?dir=Direktori/C%20-%20FPBS/JUR.%20PEND.%20BAHASA%20DAERAH/196408221989031% 20-%20DINGDING%20HAERUDIN/&file=UNDAK%20USUK%20BASA%20SUNDA.pdf
[*]http://saungdedimlyd.web.id/artikel/sosial-budaya-ekonomi/118-kumpulan-undak-unduk-basa-loma-basa-lem es-bahasa-sunda.html
[*]http://su.wikipedia.org/wiki/Tatakrama_Basa_Sunda#Basa_hormat_jeung_basa_loma
Bilih kidulur aya anu bade nambihan, sim kuring kalintang bingahna....
Di antos.......
ᮘᮤᮜᮤᮂ ᮊᮤᮓᮥᮜᮥᮁ ᮃᮚ ᮃᮔᮥ ᮘᮓᮨ ᮔᮙ᮪ᮘᮤᮠᮔ᮪, ᮞᮤᮙ᮪ ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮊᮜᮤᮔ᮪ᮒᮀ ᮘᮤᮍᮂᮔ....
ᮓᮤ ᮃᮔ᮪ᮒᮧᮞ᮪.......
Kanggo nu gaduh FB ieu link FB Mumule basa karuhun
Kanggo huruf sunda nu langkung lengkep mangga uningaan dipalih dieu :
ᮊᮀᮌᮧ ᮠᮥᮛᮥᮖ᮪ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮔᮥ ᮜᮀᮊᮥᮀ ᮜᮨᮀᮊᮨᮕ᮪ ᮙᮀᮌ ᮅᮔᮤᮍᮃᮔ᮪ ᮓᮤᮕᮜᮤᮂ ᮓᮤᮉ :
http://id.wikipedia.org/wiki/Aksara_Sunda_Baku
Kanggo konfersi huruf latin ka aksara sunda :
ᮊᮀᮌᮧ ᮊᮧᮔ᮪ᮖᮨᮁᮞᮤ ᮠᮥᮛᮥᮖ᮪ ᮜᮒᮤᮔ᮪ ᮊ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ :
http://sabilulungan.org/aksara/
Kanggo font sunda :
ᮊᮀᮌᮧ ᮖᮧᮔ᮪ᮒ᮪ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ :
http://sabilulungan.org/aksara/files/font/SundaneseUnicode-1.0.5.ttf
Uningaan oge palih dieu...